Babasan jeung Hartina
1. Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi
boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba
nu teu resepeun.
3. Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
4. Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
5. Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
6. Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
7. Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
8. Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
9. Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda
ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
10. Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
11. Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna.
Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya
Tidak ada komentar:
Posting Komentar